Kamis, 11 Maret 2010

BAHASA SUNDA 1

Kaulinan
1. Ambila-ambilanAmbil-ambilan turuktuk hayam samantusaha nu di ambilkami mah budak pahatupurah nutu purah ngejopurah ngasakan baligopurah tunggu bale gedenyerieun sukuna kacugak ku kaliageaya ubarna urat gunting sampuragetiguling nyocolan dage.
2.CingciripitCingciripittulang bajing kacapitkacapit ku bulu parebulu pare seuseukeutnajol Pa Dalangmawa wayang jrek-jrek nong.....
3.LalandakanLandak landak sonarikop cau kop tiwuhakaneun sia janaribekel miang ka batawikop jurig jariankop jurig tangkodkop jurig pacilingankop jurig onom......
4.Oray-orayanOray orayanluar leor mapay sawahtong ka sawahparena keur sedeng beukahOray-orayanlaur leor mapay leuwitang ka leuwidi leuwi loba nu mandiOray-orayanoray naon, orya bungka, bungka naon, bungka lautlaut naon, laut dipa, dipa naon,...dipandeuriiiii...
Kakawihan Barudak
1. Ayang-ayanggungAyang-ayanggunggung goongna ramemenak ki Wastanunu jadi wadananaha maneh kitutukang olo-ololoba anu girukruket jeung kompeniniat jadi pangkatkaton kagorenganngantos kanjeng dalemlempa lempi lempongngadu pipi jeung nu ompongjalan ka batawi ngemplong
2.MargaluyuBang-bang kalima lima gobang, bangbangkong di tengah sawah, wahwahai tukang bajigur, gurguru sakola desa, sasaban poe ngajar, jarjarum paranti ngaput, putputri nu gareulis, lislisung kadua halu, luluhur kapal udara, raragrag di Jakarta, tataun opat hiji, jihaji rek ka mekah, kahkahar tujuh rebu, bubuah meunang ngala, lalauk meunang nyobek, bekbeker meunang muter, terterus ke Citapen, penpena gagang kalam, lamlampu eujeung damar, marmari kueh hoho, hohotel pamandangan, nganngantos kangjeng dalem, lemlempa lempi lempongngadu pipi jeung nu ompong
3. Ole-ole OgongOle-ole ogongmelak cabe di tarogongdihakan ku mebe ompongditeang kari sapotongau au ahengbeuleum cau tutung gehengembe embe dombaanak sapi tutunggulanema ema weyasi sahi kabuhulanhayang geura diinumanembe embe dombaanak sapi tuntunggulanema ema weyasi sahi pupundukanku baturna ditumbukan
4.Rat-rat GurisatRat rat gurisatnini engrat paeh tiselaptiselap kana kuciatdibura ku laja tuhurlaja tuhur meunang ngununmeunang ngunun tujuh taunkadalapan diburakeunnyeh prot...nyeh prot...nyehhhh prrroootttttt.
Kakawihan
Jung JaeJung jae balakatanjung jaepucuk menyan mang soyigedong malati riririri nyandung ka gusti dalem tumenggung bandungbandung tipung polongpongsa undal endol pohopoho tadi lalajo teu mawa simbut bututbutut betet kekempismunding kadempet jebred...!
Ngaran Kekembangan kembang awi = eumbreukkembang bako = bosongotkembang bawang = ulatedkembang bolang = ancalkembang boled = telakembang cabe = bolototkembang cau = jantungkembang cengek = pencengeskembang cikur = jelengutkembang eurih = anculkembang gedang = ingwangkembang genjer = gelenyekembang hoe = bubuaykembang honje = combrangkembang jaat = jalingerkembang jambe = mayangkembang jambu aer = lenyapkembang jarak = uingkembang jengkol = merekenyenyenkembang jeruk = angkruk/angkeskembang jotang = puntungkembang kadu = olohokkembang kalapa = suligarkemang peuteuy = pendulkembang kaso = curiwiskembang kawung = pengiskembang koneng = badulkembang kulur = pelepeskembang laja = jamotrotkembang leunca = pengitkembang limus = seleksekkembang lopang = cacaskembang muncang = rinduykembang pare = ringsangkembang salak = sedek/gojodkembang sampeu = dingdetkembang taleus = ancalkembang tangkil = ucengkembang terong = moncorongkembang tiwu = badauskembang waluh = alewoh.Sisindiran aya dua nyaeta Rarakitan sareng PaparikanRarakitanDaek soteh ka cinangkaka Cisitu mah teu purunDaek soteh ka manehnaka nu itu mah teu purunHayang teuing buah hiristeu bisa ngasakananaHayang teuing ka nu geulisteu bisa ngakalanana.Kaso pondok kaso panjangkaso ngaroyom ka jalanSono mondok sono nganjangsono patepang di jalan.Kambang goyang jeung ermawarpacampur jeung kacapiringHariwang rea kakelartagiwur teu genah cicing.Majar maneh cengkeh konengkulit peuteuy dina nyiruMajar maneh lengkeh konengkulit beuteung mani nambru.Rarasaan melak cauteu nyaho mun melak jaheRarasaan matak lucuteu nyaho mun matak rehe.PaparikanAya meri dina rakitboboko wadah bakatulLain nyeri ku panyakitkabogoh direbut baturCau naon cau naoncau kulutuk di jurubau naon bau naonbau hitut nu di juruCikur jangkung jahe konenglampuyang pamura beuteungRarasaan jangkong konengpuguh mah bureuteu hideungPoe Saptu poe kemissalasa heuleut heuleutanSaha itu nu muril kumisleumpangna eundeuk eundeukan

WawangsalanAbdi mah caruluk arab, hanteu tarima teh teuing = kormaAbdi teh kapiring leutik,kaisinan ku gamparan = pisinBangkong lodor meuntas jalan,titis tulis bagja awak = bayawakBale direka masjid,nya pikir bati rumanjug = tajugAsal hiji jadi dua,temah matak sesah ati = walimahCakcak gede kadal bilik,ulah dipake mokaha = tokePuter putih saba lembur,kuring seja bela pati = japatiSendok batok digagangan,geus lawas abdi ngalayung = gayung
Ngaran Anak Sasatoananak anjing = kirik/kicikanak bagong = beguanak bandeng = nanar/neneranak banteng = bangkananganak bangbung = kuukanak bangkong = buruyanak belut = kuntitanak bogo = cingokanak boncel = bayonganak buhaya = bocokokanak deleg/gabus = boncel/kocolan/kokocolananak entog = tititanak embe = cemeanak gajah = menelanak hayam = ciak/pitikanak japati = piyikanak keuyeup = bonceretanak kuda = beloanak kukupu = hileudanak kutu = kuaranak lancah = aomanak lauk = kebul/burayakanak lele = nanahaonanak lubang = leunglianak maung = juag/aumanak meri = tititanak monyet = begoganak munding = enenganak reungit = utek-utekanak sapi = pedetanak ucing = bilatung
Ubar kamerkaan Abdi mah emut ka pun ema, geuning ari nuju alit mah upami buka puasa teh sok teu kinten-kinten (malah dugi ka ayeuna), sagala lebet nya balukarna mah kamerkaan tea. tah ari tos kitu mah pun ema turun tangan, sederhana pisan ngubaranna teh, nya patuangan teh di gosok-gosok lalaunan nganggo pangarih logam atanapi sendok sayur bari ngahariring:cangkakak di leuweung injuk talinadidahar dibeuweung hitut jadinaplus plong ka Cikalintu, plus plong ka Cikalintuduk dalikduk kejo butut jadi huutdidahar dibeuweung hitut jadinaplus plong ka Cikalintu, plus plong ka CikalintuDiulang-ulang dugi ka karaos mendingan namung duka sugesti duka enya, da patuangan teh sok teras ngemplong, nya tiasa nambih kolek sagelas deui mah, atuda gembul tikudrat.Kintunan sule.king@yahoo.com, 6 Juli 2000 Guguritan/pupuh(Dicutat ku M Sasmita tina Ulikan Sastra karangan Drs. Taufik Faturohman)Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta grath anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing. Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek nu beda beda. Istilahna:- Pada- Padalisan- Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )- Guru Lagu (dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)1. AsmarandanaWatekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.Contona:Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal 'i' )
· E/ling/e/ling/ma/sing/e/ling (= guru wilangan 8)'eling' panungtung vokalna i (= guru lagu i)
rumingkang di bumi alam ( 8 - a )darma wawayangan bae ( 8 - e )raga taya pangawasa ( 8 - a )lamun kasasar lampah ( 7 - a )nafsu nu matak kaduhung ( 8 - u )badan anu katempuhan ( 8 - a ) 2. BalakbakWatekna pikaseurieun.Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.Contona:Aya warung sisi jalan rame pisan - Citameng (15-e)Awewena luas luis geulis pisan - ngagoreng (15-e)Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng (19-e)3. DangdanggulaWatekna bungah atawa agung.Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.Contona:Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )Batawi ngarunggunuk ( 7 - u )lautna mah teu katingali ( 9 - i )ukur lebah lebahna ( 7 - a )semu semu biru ( 6 - u )ari ret ka tebeh wetan ( 8 - a )gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 - i )meh bae kapiuhan ( 7 - a )4. JurudemungWatekna kaduhung atawa hanjakal.Unggal pada diwangun ku lima padalisanContona:Badan nu katempuhan ( 8 - a )da bongan ngalajur nafsu ( 8 - u )peurihna kapanggih ( 6 - i )rek bongan bongan ka saha ( 8 - a )ayeuna bati kaduhung ( 8 - u )5. DurmaWatekna heuras atawa siap rek tarung.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.Contona:Mundur mapag balad Pandawa teu tahan ( 12 - a )barisan beuki ipis ( 7 - i )digempur Kurawa ( 6 - a )Senapatina Karna ( 7 - a )sakti manggulang mangguling ( 8 - i )hese pantarna ( 5 - a )moal aya nu nanding ( 7 - i )6. GambuhWatekna bingung, samar polah atawa tambuh laku.Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.Contona:Ngahuleng banget bingung ( 7 - u )henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 - u )turug turug harita teh enggeus burit ( 12 - i )panon poe geus rek surup ( 8 - u )keueung sieun aya meong ( 8 - o )7. GurisaWatekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.Unggal Pada di wangun ku dalapan padalisan.Contona:Hayang teuing geura beurang ( 8 - a )geus beurang rek ka Sumedang ( 8 - a )nagih anu boga hutang ( 8 - a )munmeunang rek meuli soang ( 8 - a )tapi najan henteu meunang ( 8 - a )teu rek buru buru mulang ( 8 - a )rek tuluy guguru nembang ( 8 - a )jeung diajar nabeuh gambang ( 8 - a )8. KinantiWatekna miharep atawa prihatin.Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.Contona:Kembang ros ku matak lucu ( 8 - u )nya alus rupa nya seungit ( 8 - i )henteu aya papadana ( 8 - a )ratuning kembang sajati ( 8 - i )papaes di patamanan ( 8 - a )seungit manis ngadalingding ( 8 - i )9. LadrangWatekna banyol atawa pikaseurieun.Unggal Pada diwnagun ku opat padalisan.Contona:Aki Dartam leumpangna ngagidig ( 10 - i )gancang pisan, gancang pisan ( 8 - a )bari aya nu dijingjing ( 8 - i )mawa kisa eusina ucing anakan ( 12 - a )10. LambangWatekna banyol atawa pikaseurieun.Unggal Pada diwangun iu opat padalisan.Contona:Nawu kubang sisi tegal ( 8 - a )nyair bogo meunang kadal ( 8 - a )atuh teu payu dijual ( 8 - a )rek didahar da teu halal ( 8 - a )11. MagatruWatekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin.Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.Contona:Mun sumuhun ieu teh namina curuk ( 12 - u )nu alit namina cingir ( 8 - i )anu panjang mah jajangkung ( 8 - u )gigireunana jariji ( 8 - i )anu pangageungna jempol ( 8 - o )12. MaskumambangWatekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.Unggal Pada diwangun kiu opat padalisan.Contona:Jalma kedul mumul ditambah jejerih ( 12 - i )ulah ngarep senang ( 6 - a )sabab mungguhing rejeki ( 8 - i )tara datang teu disiar ( 8 - a )13. MijilWatekna sedih, susah atawa cilaka.Unggal Pada diwangun ku genep padalisanContona:Beurang peuting tambah cape ati ( 10 - i )jeung tambah rampohpoy ( 6 - o )wungkul inget ka kabogoh wae ( 10 - e )mugi aya kadar panggih deui ( 10 - i )mun teu panggih deui ( 6 - i )anggur pondok umur ( 6 - u )14. PangkurWatekna nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.Contona:Seja nyaba ngalalana ( 8 - a )ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 - i )henteu puguh nu dijugjug ( 8 - u )balik paman sadaya ( 7 - a )nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 - u )Lurah Begal ngawalonan ( 8 - a )" Aing ngaran Jayapati " ( 8 - i )15. PucungWatekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.Unggal Pada diwangun ku opat padalisan.Contona:Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 - u )jeung nyenangkeun bapa ( 6 - a )tanda yen bagjana gede ( 8 - e )hirup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 - a )16. SinomWatekna gumbira.Unggal Pada diwangun ku salapan padalisan.Contona:Di wetan fajar balebat ( 8 - a )panon poe arek bijil ( 8 - i )sinarna ruhay burahay ( 8 - a )kingkilaban beureum kuning ( 8 - i )campur wungu saeutik ( 7 - i )kaselapan semu biru ( 8 - u )tanda Batara Surya ( 7 - a )bade lumungsur ka bumi ( 8 - a )murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 - a )17. WirangrongWatekna era atawa wirang.Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.Contona:Jalma nu resep ngaluis ( 8 - i )lumrahna resep ngaleos ( 8 - o )ngan pacuan resep ngusut ( 8 - u )komo mun resep ngarujit ( 8 - i )teu aya batan basajan ( 8 - a )sagala sigar tengahan ( 8 - a )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar